judul: sunda mekar
cipt: ???
cacandran para luluhur
ciri bumi dayeuh pancatengah
ciri dayeuh pancatengah
lemah duhurna, lebak lengkobna
lemah padatarannana
nagara mukti wibawa
perlambangna congkrang kujang papasangan
yasana para dewata
teu sulaya dinyatana
pasundan tanahna subur
gemah ripah ma`mur loh jinawi
gemah ripah loh jinawi
gunung gunungna, cur cor caina
makplak pasawahanana
cukul sugri pangebonnan
karaharjan mencar mawur kajauhna
nagri nanjung panjang punjung
murah sandang murah pangan
sunda surup kana tangtung
sunda sieup ngimbang kana wanda
sieup ngimbang kana wanda
adeg adegna, budi basana
teu narakeun wawanenna
someah narima semah
matak betah anu ngadon bubuara
tara ebreh pangartina
teu nembongkeun kabisana
No comments:
Post a Comment