Judul: Batik
Cipt: Koko Koswara
Dipopulerkan oleh: Nano S.
samping batik ngandung wanda
sinarna geus suda suda
di kampung-kampung di kota
nambah komara wanita
siep diteuteup mojang kiwari
ringsing ditilik kawanti-wanti
lambang ngandung pelet batik pereng bayonet
matak bengong nu ngareret eujeug milo
robah jaman ngarekahan
jadi mode kalakonan
sawarnaning papakean
tulis batik ditumpalan
mega mendungan batik cirebon
tulis nu asli motif kembangan
setelan kabaya aduh manis dangdosan
nambah asri nu nganggona cahayaan
batik corak nasional
hargana teu pati mahal
usahana panteng gagal
kiwari internasional
batik nu narik buatan tasik
batik nu manis ngan ti ciamis
batik los kumbara najong ka amerika
ngambah sakuliah dunya tatalepa
samping batik babar sawit
sari na moal rek leungit
erok batik pake dansa
corelak nambah cahaya
keur panas poe ereng-erengan
hatur dangdosan keur papanasan
rok batik sacewir tonggong leungeun buligir
kapanasan rada nyegir usum batik
batik teu kateler-teler
kiwari jadi populer
teu ungkul di indonesia
tapi sakuliahun
kameja koboi aya baturna
kameja batik masieup kota
piyama ku batik sarung angel ku batik
jubah jeung gardeng ku batik kabeh batik
midang ginding make batik
henteu ngan ungkul di tasik
tapi meh di unggal kota
pakean sagala bangsa
sagala batik teu ya di kota
sumanget batik dimana-mana
kimono ku batik mode show tina batik
kulit sapatu ku batik kabeh batik
No comments:
Post a Comment