Batik

Judul: Batik
Cipt: Koko Koswara
Dipopulerkan oleh: Nano S.


samping batik ngandung wanda
sinarna geus suda suda
di kampung-kampung di kota
nambah komara wanita

siep diteuteup mojang kiwari
ringsing ditilik kawanti-wanti
lambang ngandung pelet batik pereng bayonet
matak bengong nu ngareret eujeug milo

robah jaman ngarekahan
jadi mode kalakonan
sawarnaning papakean
tulis batik ditumpalan

mega mendungan batik cirebon
tulis nu asli motif kembangan
setelan kabaya aduh manis dangdosan
nambah asri nu nganggona cahayaan

batik corak nasional
hargana teu pati mahal
usahana panteng gagal
kiwari internasional

batik nu narik buatan tasik
batik nu manis ngan ti ciamis
batik los kumbara najong ka amerika
ngambah sakuliah dunya tatalepa

samping batik babar sawit
sari na moal rek leungit
erok batik pake dansa
corelak nambah cahaya

keur panas poe ereng-erengan
hatur dangdosan keur papanasan
rok batik sacewir tonggong leungeun buligir
kapanasan rada nyegir usum batik

batik teu kateler-teler
kiwari jadi populer
teu ungkul di indonesia
tapi sakuliahun

kameja koboi aya baturna
kameja batik masieup kota
piyama ku batik sarung angel ku batik
jubah jeung gardeng ku batik kabeh batik

midang ginding make batik
henteu ngan ungkul di tasik
tapi meh di unggal kota
pakean sagala bangsa

sagala batik teu ya di kota
sumanget batik dimana-mana
kimono ku batik mode show tina batik
kulit sapatu ku batik kabeh batik

Beus Kota

Judul: Beus Kota
Cipt: Koko Koswara
Dipopulerkan oleh: Nano Suratno

Beus kota... beus kota...

Beus kota pabuis masieup kota,
beus kota, beus kota,
ngagerung, ngahiung,
beus kota, beus kota,
garandang, paranjang,
beus kota, beus kota.

naekna ngantay, panjang ngagebay,
sakapeung ribut, ngagonyok di panto tempatna parebut,
anu sue camberut, megatna sabar, najan keur lapar,
sieun kapahung, tinggaleun beus kota matak jadi bingung.

Mang Nano suka, calikna sila,
leungeun duanana, muntang pageuh pisan bari babacaan,
asa kapal udara, ngadius mangprung, di kota Bandung,
teu matak bingung, pada boga jalan moal rek linglung.

Beus kota... beus kota...

beus kota mandahna angkutan kota,
beus kota, beus kota,
panumpang, ngagulung
beus kota, beus kota,
narangtung, hareudang,
beus kota, beus kota.

mayarna murah, deukeut jeung jauh,
kondektur aplus, duit ladang karcis recehna merekis.

nini-nini ngajerit, aya nu nyiwit,
suku pabeulit, dompetna leungit,
rek nuduh teu wani copetna molotot.

beus kota... beus kota...

beus kota ngagerit jalanna macet
beus kota, beus kota,
ngeteyep, ngarayap,
beus kota, beus kota,
panumpang, ngareluh,
beus kota, beus kota.

mang nano bingung, acara manggung,
mangkaning penting, honorna lumayan terpaksa melayang
mang ganjar hulang huleng, bangun nu puyeng, elekeseng,
anu kaambung, kesang jeung PPO seungitna meleding.